Ku: Fikri A. Gholassahma
“Mun kuring kudu nyaritakeun lukisan nu ngagambarkeun kaayaan di naraka téa, salawasna éta lukisan téh asa ngagantung hareupeun mata."---Seuneu Naraka, kaca 21.
*
Ti mangsa budak ololého gé, nu ku kolot dipaké keur nyingsieunan téh kapan ku kecap 'naraka' salah sahijina. Patempatan nu cék cenah pamustrungan sakur mahluk doraka, rék ti golongan jin atawa manusa. Gulag pikeun nyiksa nu milampah dosa, anu ngalajur napsuna di alam dunya.
Kadieunakeun kapan juljol deui manggih carita nu ngagambarkeun naraka téh. Najan, keur urusan-urusan goib kitu mah "māla 'ainun roat, wa lā 'udzunun sami’at, wa lā 'aqlun tashowwaro, wa lā 'alā qalbin khotoro" cenah cék Ajengan téa mah. Sajatiningna urang hamo bisa nyaho.
Tapi da geus bakat, alatan miboga rasa kapanasaran jeung daya imajenasi, manusa mah sok hayang wé nyawang. Meureun Akutagawa Ryūnosuké salah sahijina téh.
Buku nu judulna "Seuneu Naraka: Tilu Carita Jepang" téh ngamuatkeun tilu carita karya sastrawan Jepang nu kakoncara, Akutagawa Ryūnosuké (1892-1927), Mori Ogai (1862-1922), jeung Yoshikawa Éiji (1892). Meunang narjamahkeun Tini Kartini (1933) pangarang Sunda nu kumpulan carponna dijudulan ’Jurig' (1963).
Carpon Akutagawa nu ku Tini ditarjamahkeun dina buku ieu, meunang narjamahkeun tina édisi basa Éndonésa, 'Api Neraka’. Ari judul asli dina basa Jepangna mah 'Jigoku Hén’, tuluy ditarjamahkeun kana basa Inggris, "Hell Screen" taun 1948.
Carita nu dua deui, 'Jalma Buangan' judul aslina "Takasébuné" yasana Mori Ogai (ngaran aslina mah Mori Rintaro) katut 'Tukang Suling jeung Kaisarna" mangrupakeun cuplikan tina "Shin Heiké Monogatari (Lalakon Heiké Anyar)" tulisan Éiji Yoshikawa, sok sanajan ari Lalakon Heiké mah asalna téh tina carita épik rahayat nu sok didongéngkeun ku juru pantun di sawatara daérah di Jepang baheula. Dua carita éta meunang narjamahkeun Tini tina buku "Antologi Sastera Jepang" beunang nyusun Nio Joe Lan.
**
Nu dua di luhur moal papanjangan diguar, sugan kasampeur isuk pagéto. Demi nu matak kataji pisan keur kuring mah carita "Jigoku Hén" anu Tini narjamahkeun jadi "Seuneu Naraka".
Ieu lakon téh dicaritakeun maké kamandang jalma ka tilu, "kuring," salah sahiji pagawé nu aya di karaton. Si tokoh "kuring" nu nyaritakeun hiji juru lukis nu lukisanana boga ajén éstetik nu linuhung, tur ngabdikeun hirupna kana kasenian, ngaranna Yoshihidé.
Lantaran karya-karyana geus kawentar, Yoshihidé mineng larsup ka karaton disaur ku raja harita, Otono-sama, keur ngalukis naon rupa pamundut raja. Ti mimiti lukisan kaéndahan alam, hingga lukisan kulawarga karaton karajaan.
Yoshihidé enya gé juru lukis kahot, tapi ari kalakuanana mah teu pikaresepeun balaréa. Lian ti medit téh manéhna gedé hulu béak ti karep. Upama disaur mayunan Otono-sama gé, ajrihna téh sakahayang. Demi Otono-sama, mimiti mah kagambar tina carita si "kuring" téh pamingping nu wijaksana, ngan lila kalilaan mah salin jinis jadi pamingpin bengis.
Juru lukis Yoshihidé téh hirup sorangan kadua budak awéwéna, ngaranna Yuzuki, sanajan sapopoéna mah kapeung aya murid-muridna nu ngadon ngalap élmu ngalukis ti manéhna. Keur geulis téh hadé budi, rapékan alus barang gawé, teu cara bapana. Atuh teu héran mun pada mikanyaah, kaasup kulawarga karaton. Nu matak ku Otono-sama dipundut sina cicing di karaton keur babantu.
Yoshihidé saenyana mah haténa teu mikeun budakna cicing di karaton téh. Ku kituna saban aya kasempetan, manéhna sering mundut ka Otono-sama supaya Yuzuki bisa diboyong mulang ka imahna, tapi Otono-sama mah haré-haré baé.
Hiji mangsa mah sumebar béja yén Otono-sama mikahayang Yuzuki jadi selir. Ieu béja téh can puguh bulé-hideungna, tepika si "kuring" teu kahaja nyaksian Yuzuki di hiji kamar nu aya di karaton rék aya nu ngagadabah. Horéng simana horéng, nu rék ngagadabahna téh Otono-sama.
Teu lila ti kajadian éta, Yoshihidé disaur deui ku Otono-sama ngadeuheus ka karaton, tuluy bari balik mawa paréntah nyieun lukisan nu ngagambarkeun seuneu naraka. Yoshihidé ngaéstokeun pamundut raja jeung ménta témpo keur ngabéréskeun lukisanana. Ti barang mitembeyan nyieun éta lukisan, loba hal-hal anu arahéng nu kajadian di imahna jeung sikepna anu beuki mahiwal.
Atra pisan mahiwalna téh, babakuna mah ku murid-muridna anu sok kapaksa migawé paréntah-paréntah anéh ti manéhna. Aya nu dititah ditaranjang bari dicangcang ku ranté, aya nu ngahaja sina dipacokan ku manuk bueuk tanduk nepi panonna kacakar, aya ogé nu ditiha ngemit manéhna nalika saré, sab Yoshihidé sok rajeun ngimpikeun nu aranéh jeung pikasieuneun salila ngagawéan lukisan ieu.
Malah nepikeun ka aya béja, yén keur nganggeuskeun lukisan, Yoshihidé téh munjung ka Déwa Kabagjaan. Da cenah kungsi aya muridna anu kawénéhan nempo siluman ajag tingkalayang ngurilingan Yoshihidé nalika ngalukis.
Dina kabéh bagéan nu dilukis, aya hiji baéan nu kalah kumahangé bangga dipigawé ku Yoshihide. Nepikeun ka manéhna nepungan Otono-sama keur ngumaha kasusahna. Ka Otono-sama manéhna ngarahuh teu bisa ngagambarkeun hiji karéta tutumpakan raja nu diduruk, tuluy di jerona aya putri geulis diborogol kokosékan hayang salamet.
Otono-sama jangji bisa nyanggupan nyieun hal nu teu bisa dilukis ku Yoshihidé. Da kahayang Otono-sama téa teu meunang dugi teu laksana. Hiji peuting Yoshihidé disaur ku Otono-sama ka karaton Hirokawa. Keur nyumponan kahayanh Yoshihidé ngaduruk karéta karajaan téa, éta karéta téh rék diduruk di luar kota, di pasanggrahan nu disebut Yukigé. Hiji tenmpat nu geus kawentar sangetna.
Jalma réa, para ponggawa karaton, mentri-mentri, Otono-sama jeung Yoshihidé geus ngariung di éta tempat ngurilingan karéta karaton nu sok ditumpakan ku Otono-sama. Saur Otono-sama, di jero karéta téh geus ditunda penjahat awéwé, duka téh saha. Tuluy karéta mimiti diduruk, haseup bodas geus mimiti pagulung-gulung ka luhur, seuneu narajang kabéh bagéan karéta, hingga katara ku caangna nu ngaléléntab, di jero karéta téh hiji awéwé geulis buukna hideung ngarumbay maké kimono éndah, geuning...Yuzuki! Kokoséahan hayang kaluar, tapi teu bisa.
Yoshihidé ngembang kadu, bakating kagét nataku. Geus pangacianana kumpul, tuluy manéhna satékah polah lumpat hayang nepi ka karéta, tapi sab seuneu geus nagbebela, manéhna ngarandeg. Nyaksian budakna nu nganhiji-hijina kalimpudan haseup hideung, ginuluran silalatu, tutung jadi ruhay jeung abu.
Kocap sabada kajadian pikaketireun harita, lukisan seuneu naraka téh geus réngsé.
Yoshihidé nyanggakeun éta lukisan ka karaton, Otono-sam teu kinten bungaheun pisan. Ti harita ngaran Yoshihidé beuki kakoncara, kaceluk ka awun-awun kakocap ka janapria. Tapi saenyana mah, ti sabada lukisanana jadi, Yoshihidé mah geus teu kaasup ka nu hirup.
Peuting mulang ti nyérénkeun lukisan téa, Yoshihidé maéhan manéh, ngagantung diri di kamar lukisna. Sab, saha atuh nu bakal kaduga kumelendang di alam pawenangan mun kamashuranan dirina ngalantarankeun anak nu ngan hiji-hijina nemahan pati?
Éta carita meunang nyundakeun Tini Kartini téh sigana mah aya nu diropéa sawatara bagéan. Siga misalna tokoh Otono-sama, dina carita aslina mah ngaranna Tuan Horikawa. Carpon Akutagawa nu ieu (Jigoku-Hén), medal di taun 1918, sarua jeung cerponna nu lian ngeunaan naraka, judulna "Kumo no Ito"/The Spider’s Thread (nu ieu ogé geus disundakeun ku Satibi Karnasasmita judulna jadi "Ramat Lantjah", dina buku "Anting Pérak; Kumpulan Tjarita Pondok Pilihan, 1966).
Deuih kungsi dijieun ekranisasina kana wanda animasi dina seri "Aoi Bungaku" (Blue Literature), garapan studio Madhouse di taun 2009 anu mémang kabéh épisodéna mangrupa carita adaptasi tina karya-karya sastra klasik Jepang.
Akutagawa Ryūnosuke ngantunkeun dina yuswa 52 taun, manéhna katarajang kasawat halusinasi visual, tuluy maéhan manéh ku cara ngaleueut obat tidur kaleuleuwihi. Karya-karyana kabaca ku jalma réa, sugan pareng jaga tepung di kalanggengan. Duka teuing di sawarga, atawa boa di naraka.***
Pameungpeuk, 2019
Buku kengeng mésér ti Pustaka Azimut (@bukubekas_azimut).
Komentar
Posting Komentar