Ku: Fikri A. Gholassahma
Inget basa wiwitan kuring nganjang ka Rumah Baca Buku Sunda téh nambut buku-buku Ki Umbara. Nawaétuna mah panasaran hayang macaan sadaya karyana. Ngajugjug ka dinya sareng Mang iman, balad anu dipilanceuk ku kuring, anu kiwari ngajakan dagang buku. Ua nyerangkeun ti lebet, terusna mah pancakaki. Ti barang munggaran tepung harita kénéh gé jol glig baé dina haté téh, “ieu pabukon bakal jadi salah sahiji pabukon kameumeut keur kuring.”
Kitu jeung kitu baé Ua, kuring mah. Luntang lantung ti hiji pabukon ka pabukon séjén. Jeung Om Hafidz, jeung barudak LPIK, Zulfi, Raja, Yuris atawa Hamid. Ti Batoe Api, BAPUSIPDA JABAR, Perpus Kampus, perpus Paviliun Kang Hawé, perpus di kost-an Kang Atép, nya nu akhirna mah ka Rumah Baca Buku Sunda, kagungan Ua kuanjeun.
Tuda sok matak panasaran baé, Ua. Siga aya mahnét nu narik saban nganjang ka bumi baraya téh; mahnét kapanasaran hayang ningali buku-buku di pabukonna. Cék na pikir téh, siga rasa panasaran kuring ti bubudak; hayang noong ka rohangan gawéna Santa Claus, nu cenah cék béja, sakur-sakur cocooan alus di alam dunya téh holna tidinya. Deuih teu weléh kayungyun, hamdalah, tepung baé sareng baraya anu sok kalah masrahkeun baé koléksi bukuna keur bacaeun kuring; sanajan bukuna aya di kuring méh bulanan, kadang elat mulangkeun, malah mindeng aya nu nepikeun ka masrahkeun bukuna keur jadi pangeusi pabukon kuring sorangan. Panan Ua salahsahijina.
Ka Rumah Baca Buku Sunda téh mineng jadi pangronjat kaimanan bucu-baca mun keur nyirorot. Pasti aya dua hal nu jadi pangjugjugan téh; buku nu disiar keur ngeuyeuban kabutuh sorangan, jeung buku nu jadi rekomendasi ti Ua, seringna mah jadi nambahan ngabeungharan bacaeun kuring. Nanging teu melulu buku kasusastraan jeung kabudayaan Sunda baé nu jadi buah carita téh, kajian kabudayaan, kajian sastra, fiilsafat, sosial, katut unak anik kahirupan ogé malah méh kababad mun ngobrol sareng Ua mah. Jol ras inget baé, kapan namina gé Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana nya, rumah baca Ua mah.
Keur sakuringeun mah, rumah baca, pabukon, atawa sakur patempatan nu nyadiakeun buku-buku, bisa diakses ku nu datang, maca di dinya atawa rék kalah mawa balik kalayan aturan anu geus pasini, éta patempatan téh wajib bin kudu ayana. Di jaman kiwari anu élmu kalih téknologi beuki mahabu, tangtuna baé béja jeung inpormasi datang ka urang téh lir banjir bandang anu narajang. Sagalana jadi singsarwa gancang, rurusuhan, katahan sukur kénéh, najan mindengna mah teu kaampeuh.
Ieu nu cék Sven Birkerts dina bukuna Elegi Guenberg:The Fact of Reading in an Electronic Ages (1994), mah leungitna kabiaasaan jelema maca ku metoda deep reading; maca kalayan pinuh ku kahusuan. “Urang aya dina bahlay nu sanget, nalika toh-tohan percaya yén ku gancang jeung ajaibna media éléktronik, geus ngamerdékakeun urang tina ‘pagawéan bangga’ ngabulak-balik halaman buku di nu suni.” Kitu cék Brikerts sakumaha kacutat ku Putut Widjanarko dina bukuna Elegi Gutenberg: Memposisikan Buku di Era Cyber Space (Mizan, 2000).
Brikerts mangalebarkeun ku kaayaan kiwari nalika loba manusa nu ngagedur sumangetna nyerangkeun datangna éra kamajuan téhnologi, tapi teu ngaapilainkeun manfaat satukangeun inopasina, ogé henteu nganjurkeun sangkan éta hal kudu disingkahan. Nanging, nu matak lebar cék manéhna mah nyaéta, ana ngagedurna sumanget kana kamajuan ipték, kalolobaan jalma malah numbalkeun budaya bucu-baca éta. Rék nyebut melankolis gé pék téh teuing, tapi da aya benerna ogé naon nu dihariwangkeun ku Brikers téh sakuringeun mah.
Loba hal sapopoé anu kabantuan ku rekahna ipték téh, teu ngabibisani. Ngan nya kitu téa, sawatara hal mah aya nu dipaksa atawa kapaksa kabaud lambak sagara kamekaranana. Sab sagalana sing sarwa jadi gancang, kabiasaan manusa kana bucu-baca gé sigana méh robah. Rada bangga asana rék maca dina smartphone/léptop, mun duanana connect kana internét. Karék gé deuk mereskeun sa-alinéa, kung-kring notifikasi ti saban aplikasi media sosial. Atuh nu tadina keur husu téh jadi kagareuwahkeun.
Ilaharna mah teu instan manusa nampa élmu pangaweruh téh. Sahambalan-sahambalan, nampa panemu tina hasil pangajaran/bacaan, nyieun pola keur mahamkeun, jeung ngaréfléksikeun naon nu geus katangkep/kabaca ku manéhna. Butuh waktu. Waktu anu cék filsuf Henry Bergson mah disebut “durasi” téa. Durasi, téh ”sajeroeun waktu”, nyaéta nalika waktu nu kaalaman ku urang, tapi urang teu sadar manéhna tuluy maju. Tah cék cenah, nu maraca téh mindeng ngalaman hal modél kitu. Keur nu maraca buku, éta hal bisa jadi suaka; tempat keur dirina nyorangan, privat, méditatif tur réfléktif sangkan diri bisa neuleuman eusining panemu, teu mustahil ogé jadi wasilah pikeun ngahontal pangalaman éksoterik. Sakuringeun mah hal kitu téh kaalaman mun maca buku citak, arang-langka mun maca dina format PDF atawa dina wangun digital séjénna. Najan PDF jeung buku digital séjenna gé perlu.
Memang ngindung ka waktu mibapa ka jaman téh hiji hal anu kudu dilakonan. Maca buku citak kalayan deep reading perlu pikeun ajeg-na neuleuman élmu pangaweruh. Atuh file PDF gé teu tinggaleun kudu aya, keur ngeuyeuban bahan bacaeun mana komo nalika urang teu boga/teu manggih pisan buku citakna. Dua hal éta nu kuring yakin jeung geus kabuktian aya di Rumah Baca Buku Sunda jeung Sajabana kagungan Uwa Sas, di pabukon atawa TBM lianna gé teu mustahil aya.
Ua, cék cenah Louis Borgés mah kalah ka tanpa daksa basa umurna maju ka tunggang gunung téh. Taun 1955, sabab katarak narajang ti bubudak, panonna lolong. Meneran pisan nalika inyana kapeto janten pupuhu di hiji pabukon nu aya di Argéntina. Da geuning nepikeun ka aya kasauranana anu kawentar, “kuring nyarita ngeunaan salaksa ironi ti Gusti, nu ngaberkatan kuring 80.000 buku marengan poékna ieu dunya,” kitu nu kabaca ku kuring tina “Borges dan Buku,” éséyna Kang Hawé (Republika, 2004) mah. Anu matak kuring sok inget waé kasauran Ua, “meungpeung ngora kénéh Fik, sok gemil ari kana maca téh.”
Rumah Baca Buku Sunda jeung Sajabana téh hiji di antara lobana tempat keur maca buku di alam dunya nu tuluy ngajaga tur manjangkeun ingetan kolektif papada manusa, ti jaman ka jaman. Atuh Ua kuanjeun janten salah sahiji kuncén nu ngajagi ingetan koléktif éta, lian ti ngajaga, kapan Ua mah nyalabarkeun deui rupaning ingetan nu kasimpen dina buku; muka Rumah Baca, ku nulis di Media, ku saban sawala nu diayakeun di Rumah Baca Buku Sunda. Tadateuing kuring gé kabita hayang bisa kitu, Ua. Enya, muka Rumah Baca, nulis di media, ngayakeun sawala nu patula patali jeung élmu pangaweruh. Teu ayeuna, sugan jaga. Muga Ua sakulawargi, salawasna aya dina panangtayungan Gusti.***
*Pangéling-ngéling 15 Taun Rumah Baca Buku Sunda jeung Sajabana, 2019.
**Ieu seratan parantos dipangnarjamahkeun kana basa Indonésia ku Kang Atép Kurnia, kanggo buku Pijar Aksara: Dua Windu Rumah Baca Buku Sunda. Hatur nuhun kana kasaéanana, Kang.
Komentar
Posting Komentar