Lalakon Ngayam Bulu Panon (1)

Ku: Fikri A. Gholassahma

Resep pisan ari kana saré téh, teuing ti iraha mulana, da keur sakola mah teu parna teuing kana molor siga kiwari. Sok wé tanyakeun ka si Macan (Fauzan), saksina hirup kénéh. Keur di asrama, boh ku lanceuk kelas atawa ku sobat, lain jalma tampikan mun aya nu ngajak ngalong téh. 


Keur kuliah kitu deui, mun purun, saban peuting bisa milu wifian di Gazébo, padahal jam 6 isuk-isuk kudu asup kelas, da jadwal Fakultas Dak'wah & Komunikasi mah rada nenggang ti nu lian (kulsub téh dienyakeun wé subuh kuliah). Ti barang aya sinyal Bandung Juara tug nepikeun maling sinyal gedong Pasca Sarjana, patempatanana matuh di buruan masigit al-Iqomah, nepikeun jadi sémi kost-an éta lapak téh. Pindah ka sékré UKM nu biasa kuring icikibung, nya lalakon téh saré deui. Di imah pon nya kitu deui. Pas keur usum milu jualan buku jeung Mang Jajang, lalampahan téh méh taya bédana, loba kénéh héésna manan ngaladangan téh. Teu pati jauh kondisina nepikeun ka bérés sakola.


Ninggang di mangsa kudu gawé, karasa rada ripuh, janari karék tunduh, subuh geus kudu nyaring deui. Antukna mah di tempat gadag téh teu werat nahan pitunduheun. Nepi ka nelah deui jadi tukang Haicé (alias héés). Katulungan ku Kang Edi & Mang Adé nu sok pirajeunan mangninyuhkeun kopi. Di pagawéan sok rada angin-anginan, kapeung sapoé ujag-ajig ungkag-ingkig. Awak rada leuleus, antukna tunduh. Kapeung gawé salé, taya nu tutap-titip, atoh mah atoh, aya waktu keur maca, aya waktu keur ngadownload pélem. Ngan nya kitu téa, sésana mah pitunduheun deui waé. Témpona libur tina pagawéan, wassalam wé saré téh lir kapaéhan, teu kecét-kecét, gur-ger kérék. 


Tara-tara ti sasari, kamari peuting mah basa keur nempoan tepas Instagram, aya ngaliwat postingan rada ahéng. Eusina ilustrasi tina quotesna Ghassan Kanafi (sastrawan Arab nu babar di Paléstina jeung merjuangkeun kamerdékaanana), kieu unina, mun teu salah:


"!لكلِّ شيئٍ في هذا العالم، فَقُمْ "


Kurang leuwih kieu meureun pihartieunana, "Aya loba pisan hal anu nungguan manéh di ieu alam dunya téh, hudang satéh! "

Ieu téh teuing beunang nyutat ti mana (teuing tina novélna atawa carponna, atawa tina wawancarana). Ngan, sajongjonan mah kuring téh ngalamun rada tarik, bari teu weléh ngagenrentes: "bagong, mun jatah umur téh ngan 40 taun, atuh nu 26 taun nu geus kalarung téh réréana mah béak dina dipan, dina samak, dina sajadah, dina bantal, di kamar. Sedeng alam dunya téh lega pisan, sok sanajan teu satai kuku manan legana jeung langgengna alam akhérat jaga...! "


Di dunya nu sakieu legana, najan moal lana, tapi loba pisan pependeman nu nungguan sangkan kapanggih ku urang, loba pisan tapakuraneun jeung tadaburaneun nu baris jadi luang keur papada urang. Mun béak ku saré mah tada teuing nyaahna.


Pamustunganana, sabada neuleuman enas-enasna kasauran Ghassan Kanafani éta, meunang meuweung meunang ngutahkeun, boga wéh kacindekan kuring téh, sigana, keur ngungkulan masalah nyandu kana saré ieu téh kudu ku diubaran ku ulin! Ulin naon wé... jeung kumaha wé carana mah... 

Susuganan matak teu kaduhung teuing méakeun jatah hirup di alam pawenangan ieu.



Cag sakitu heula. Tutup lawang sigotaka, térékték dung...!

Komentar